1 Korinta 2
Dulur-dulur! Waktu sim kuring datang ka aranjeun mawa warta maksad Allah anu tacan kabuka, henteu make kecap-kecap anu laluhur, halna henteu digede-gedekeun.
Anu jadi tekad sim kuring salila di aranjeun lain rek nyaritakeun nu sejen, salian ti arek ngenalkeun Kristus, pangpangna hal pupus-Na lantaran disalib.
Waktu datang ka aranjeun, sim kuring teh mani asa taya tangan pangawasa, awak ngadegdeg sieun.
Sim kuring bisa nerangkeun hal eta teh lain tina kapinteran sorangan, tapi yakin tina kakawasaan Roh Allah.
Jadi ku sabab kitu, pang aranjeun bisa percaya oge lain ku tina pinter-pinterna jelema anu nerangkeun, tapi ku karana kakawasaan Allah.
Tapi ka jelema-jelema anu geus asak sual karohanianana mah sim kuring nerangkeun oge hal kabijaksanaan. Ngan lain kabijaksanaan urang dunya, lain kabijaksanaan anu karawasa di ieu dunya — kakawasaan-kakawasaan anu bakal leungit kakawasaanana.
Anu disodorkeun ka maranehanana teh kabijaksanaan Allah anu gaib, anu can kabuka ku manusa, tapi ku Allah geus ditangtukeun ti memeh aya dunya, disadiakeun pikeun ngabagjakeun urang.
Anu karawasa di ieu dunya taya saurang-urang acan anu nyahoeun kana eta kabijaksanaan. Mun geus nyarahoeun ge sageuy maranehanana nyalibkeun Gusti nu maha agung.
Tina hal eta, kieu ceuk Kitab Suci, "Hal anu tacan katenjo, tacan kadenge, anu tacan kapikir-pikir acan ku manusa, malah hal eta anu ku Allah geus disadiakeun pikeun ngabagjakeun sakur anu nyaah ka Mantenna."
Tapi ka urang mah hal eta teh geus dinyatakeun ku Allah, ku Roh-Na. Sabab sagala rupa, nepi ka maksad-maksad Allah anu pangbunina oge ku eta Roh bisa kabuka.
Kapan di manusa oge anu bisa nyaho kana kereteg hatena teh rohna sorangan keneh. Nya kitu, anu uninga kana sagala hal Allah teh ngan Roh Allah bae.
Ari anu dipaparinkeun ka urang lain roh dunya ieu, tapi Roh asal ti Allah, supaya urang bisa terang kana sagala hal anu ku Allah geus dikurniakeun ka urang.
Ku sabab kitu, ari sim kuring nerangkeun hal-hal Allah ka jelema-jelema anu geus baroga Roh Allah teh henteu nurutkeun pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Roh Allah.
Jelema anu teu ngabogaan Roh Allah mah moal bisa narima hal anu dinyatakeun ku eta Roh. Ku jelema anu kitu mah hal eta teh moal kahartieun, dianggap taya paedahna. Hal-hal rohani saperti kitu, ditimbangna ge kudu ku rohani deui.
Tapi jelema anu ngabogaan Roh Allah mah bisa neuleuman harti jeung maksud saniskara, sabalikna dirina sorangan moal kateuleuman ku nu sejen.
Sakumaha ceuk Kitab Suci, "Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu bisa mere nasehat ka Mantenna?" Tapi urang mah kapan geus kaserepan ku panggalih Kristus.